Sabtu, 22 Agustus 2009

Carita Kaulinan jeung Kakawihan Sunda

Haturnuhun ka rencang2 anu tos ninggal blog abdi, ieu daftar carita jeung kakawihan basa sunda anu ku abdi tos dikumpulkeun di sabaraha sumber, mudah2an tiasa nambih elmu kanggo sadaya anu ngaos blog abdi.

Kaulinan
1. Ambila-ambilan
Ambil-ambilan turuktuk hayam samantu
saha nu di ambil
kami mah budak pahatu
purah nutu purah ngejo
purah ngasakan baligo
purah tunggu bale gede
nyerieun sukuna kacugak ku kaliage
aya ubarna urat gunting sampurage
tiguling nyocolan dage
.

2.Cingciripit
Cingciripit
tulang bajing kacapit
kacapit ku bulu pare
bulu pare seuseukeutna
jol Pa Dalang
mawa wayang jrek-jrek nong.....

3.Lalandakan
Landak landak sonari
kop cau kop tiwu
hakaneun sia janari
bekel miang ka batawi
kop jurig jarian
kop jurig tangkod
kop jurig pacilingan
kop jurig onom......

4.Oray-orayan
Oray orayan
luar leor mapay sawah
tong ka sawah
parena keur sedeng beukah
Oray-orayan
laur leor mapay leuwi
tang ka leuwi
di leuwi loba nu mandi
Oray-orayan
oray naon, orya bungka, bungka naon, bungka laut
laut naon, laut dipa, dipa naon,...dipandeuriiiii...


Kakawihan Barudak

1. Ayang-ayanggung
Ayang-ayanggung
gung goongna rame
menak ki Wastanu
nu jadi wadana
naha maneh kitu
tukang olo-olo
loba anu giruk
ruket jeung kompeni
niat jadi pangkat
katon kagorengan
ngantos kanjeng dalem
lempa lempi lempong
ngadu pipi jeung nu ompong
jalan ka batawi ngemplong

2.Margaluyu
Bang-bang kalima lima gobang, bang
bangkong di tengah sawah, wah
wahai tukang bajigur, gur
guru sakola desa, sa
saban poe ngajar, jar
jarum paranti ngaput, put
putri nu gareulis, lis
lisung kadua halu, lu
luhur kapal udara, ra
ragrag di Jakarta, ta
taun opat hiji, ji
haji rek ka mekah, kah
kahar tujuh rebu, bu
buah meunang ngala, la
lauk meunang nyobek, bek
beker meunang muter, ter
terus ke Citapen, pen
pena gagang kalam, lam
lampu eujeung damar, mar
mari kueh hoho, ho
hotel pamandangan, ngan
ngantos kangjeng dalem, lem
lempa lempi lempong
ngadu pipi jeung nu ompong


3.Ole-ole Ogong
Ole-ole ogong
melak cabe di tarogong
dihakan ku mebe ompong
diteang kari sapotong

au au aheng
beuleum cau tutung geheng
embe embe domba
anak sapi tutunggulan

ema ema weya
si sahi kabuhulan
hayang geura diinuman
embe embe domba
anak sapi tuntunggulan
ema ema weya
si sahi pupundukan
ku baturna ditumbukan

4.Rat-rat Gurisat
Rat rat gurisat
nini engrat paeh tiselap
tiselap kana kuciat
dibura ku laja tuhur
laja tuhur meunang ngunun
meunang ngunun tujuh taun
kadalapan diburakeun
nyeh prot...nyeh prot...nyehhhh prrroootttttt.


Kakawihan

Jung Jae
Jung jae balakatanjung jae
pucuk menyan mang soyi
gedong malati riri
riri nyandung ka gusti dalem tumenggung bandung
bandung tipung polongpong
sa undal endol poho
poho tadi lalajo teu mawa simbut butut
butut betet kekempis
munding kadempet jebred...!


Ngaran Kekembangan
kembang awi = eumbreuk
kembang bako = bosongot
kembang bawang = ulated
kembang bolang = ancal
kembang boled = tela
kembang cabe = bolotot
kembang cau = jantung
kembang cengek = pencenges
kembang cikur = jelengut
kembang eurih = ancul
kembang gedang = ingwang
kembang genjer = gelenye
kembang hoe = bubuay
kembang honje = combrang
kembang jaat = jalinger
kembang jambe = mayang
kembang jambu aer = lenyap
kembang jarak = uing
kembang jengkol = merekenyenyen
kembang jeruk = angkruk/angkes
kembang jotang = puntung
kembang kadu = olohok
kembang kalapa = suligar
kemang peuteuy = pendul
kembang kaso = curiwis
kembang kawung = pengis
kembang koneng = badul
kembang kulur = pelepes
kembang laja = jamotrot
kembang leunca = pengit
kembang limus = seleksek
kembang lopang = cacas
kembang muncang = rinduy
kembang pare = ringsang
kembang salak = sedek/gojod
kembang sampeu = dingdet
kembang taleus = ancal
kembang tangkil = uceng
kembang terong = moncorong
kembang tiwu = badaus
kembang waluh = alewoh.



Sisindiran aya dua nyaeta Rarakitan sareng Paparikan

Rarakitan

Daek soteh ka cinangka
ka Cisitu mah teu purun
Daek soteh ka manehna
ka nu itu mah teu purun

Hayang teuing buah hiris
teu bisa ngasakanana
Hayang teuing ka nu geulis
teu bisa ngakalanana.

Kaso pondok kaso panjang
kaso ngaroyom ka jalan
Sono mondok sono nganjang
sono patepang di jalan.

Kambang goyang jeung ermawar
pacampur jeung kacapiring
Hariwang rea kakelar
tagiwur teu genah cicing.

Majar maneh cengkeh koneng
kulit peuteuy dina nyiru
Majar maneh lengkeh koneng
kulit beuteung mani nambru.

Rarasaan melak cau
teu nyaho mun melak jahe
Rarasaan matak lucu
teu nyaho mun matak rehe.

Paparikan

Aya meri dina rakit
boboko wadah bakatul
Lain nyeri ku panyakit
kabogoh direbut batur

Cau naon cau naon
cau kulutuk di juru
bau naon bau naon
bau hitut nu di juru

Cikur jangkung jahe koneng
lampuyang pamura beuteung
Rarasaan jangkong koneng
puguh mah bureuteu hideung

Poe Saptu poe kemis
salasa heuleut heuleutan
Saha itu nu muril kumis
leumpangna eundeuk eundeukan


Wawangsalan

Abdi mah caruluk arab,
hanteu tarima teh teuing = korma

Abdi teh kapiring leutik,
kaisinan ku gamparan = pisin

Bangkong lodor meuntas jalan,
titis tulis bagja awak = bayawak

Bale direka masjid,
nya pikir bati rumanjug = tajug

Asal hiji jadi dua,
temah matak sesah ati = walimah

Cakcak gede kadal bilik,
ulah dipake mokaha = toke

Puter putih saba lembur,
kuring seja bela pati = japati

Sendok batok digagangan,
geus lawas abdi ngalayung = gayung


Ngaran Anak Sasatoan
anak anjing = kirik/kicik
anak bagong = begu
anak bandeng = nanar/nener
anak banteng = bangkanang
anak bangbung = kuuk
anak bangkong = buruy
anak belut = kuntit
anak bogo = cingok
anak boncel = bayong
anak buhaya = bocokok
anak deleg/gabus = boncel/kocolan/kokocolan
anak entog = titit
anak embe = ceme
anak gajah = menel
anak hayam = ciak/pitik
anak japati = piyik
anak keuyeup = bonceret
anak kuda = belo
anak kukupu = hileud
anak kutu = kuar
anak lancah = aom
anak lauk = kebul/burayak
anak lele = nanahaon
anak lubang = leungli
anak maung = juag/aum
anak meri = titit
anak monyet = begog
anak munding = eneng
anak reungit = utek-utek
anak sapi = pedet
anak ucing = bilatung


Ubar kamerkaan
Abdi mah emut ka pun ema, geuning ari nuju alit mah upami buka puasa teh sok teu kinten-kinten (malah dugi ka ayeuna), sagala lebet nya balukarna mah kamerkaan tea. tah ari tos kitu mah pun ema turun tangan, sederhana pisan ngubaranna teh, nya patuangan teh di gosok-gosok lalaunan nganggo pangarih logam atanapi sendok sayur bari ngahariring:

cangkakak di leuweung injuk talina
didahar dibeuweung hitut jadina
plus plong ka Cikalintu, plus plong ka Cikalintu

duk dalikduk kejo butut jadi huut
didahar dibeuweung hitut jadina
plus plong ka Cikalintu, plus plong ka Cikalintu

Diulang-ulang dugi ka karaos mendingan namung duka sugesti duka enya, da patuangan teh sok teras ngemplong, nya tiasa nambih kolek sagelas deui mah, atuda gembul tikudrat.
Kintunan sule.king@yahoo.com, 6 Juli 2000

Guguritan/pupuh
(Dicutat ku M Sasmita tina Ulikan Sastra karangan Drs. Taufik Faturohman)

Kecap gurit asal tina basa Sangsekerta grath anu hartina nyusun karangan, dina basa Sunda aya istilah ngagurit atawa ngadangding, ari hartina sarua bae nyaeta nuduhkeun pagawean ngareka atawa nyusun karangan winangun dangsing. Nurutkeun wincikanana dangsing atawa pupuh teh aya tujuh welas, nu masing-masing ngabogaan watek nu beda beda. Istilahna:
- Pada
- Padalisan
- Guru Wilangan ( jumlah engang dina unggal padalisan )
- Guru Lagu (dangdingdungna sora vokal dina engang panungtung)

1. Asmarandana
Watekna silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan.
Unggal Pada diwangun ku tujuh padalisan.
Contona:

Eling eling masing eling ( 8 engang - vokal 'i' )
  • E/ling/e/ling/ma/sing/e/ling (= guru wilangan 8)
    'eling' panungtung vokalna i (= guru lagu i)
rumingkang di bumi alam ( 8 - a )
darma wawayangan bae ( 8 - e )
raga taya pangawasa ( 8 - a )
lamun kasasar lampah ( 7 - a )
nafsu nu matak kaduhung ( 8 - u )
badan anu katempuhan ( 8 - a )


2. Balakbak
Watekna pikaseurieun.
Unggal pada diwangun ku 3 padalisan.
Contona:

Aya warung sisi jalan rame pisan - Citameng (15-e)
Awewena luas luis geulis pisan - ngagoreng (15-e)
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet - nyanggereng (19-e)

3. Dangdanggula
Watekna bungah atawa agung.
Unggal pada diwangun ku sapuluh padalisan.
Contona:

Laut Kidul kabeh katingali ( 10-i )
ngembat paul kawas dina gambar ( 10-a )
ari ret ka tebeh kaler ( 8-e )
Batawi ngarunggunuk ( 7 - u )
lautna mah teu katingali ( 9 - i )
ukur lebah lebahna ( 7 - a )
semu semu biru ( 6 - u )
ari ret ka tebeh wetan ( 8 - a )
gunung gede jiga nu ngajakan balik ( 12 - i )
meh bae kapiuhan ( 7 - a )


4. Jurudemung
Watekna kaduhung atawa hanjakal.
Unggal pada diwangun ku lima padalisan

Contona:


Badan nu katempuhan ( 8 - a )
da bongan ngalajur nafsu ( 8 - u )
peurihna kapanggih ( 6 - i )
rek bongan bongan ka saha ( 8 - a )
ayeuna bati kaduhung ( 8 - u )


5. Durma
Watekna heuras atawa siap rek tarung.
Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.

Contona:


Mundur mapag balad Pandawa teu tahan ( 12 - a )
barisan beuki ipis ( 7 - i )
digempur Kurawa ( 6 - a )
Senapatina Karna ( 7 - a )
sakti manggulang mangguling ( 8 - i )
hese pantarna ( 5 - a )
moal aya nu nanding ( 7 - i )

6. Gambuh
Watekna bingung, samar polah atawa tambuh laku.
Unggal Pada diwangun ku lima padalisan.
Contona:


Ngahuleng banget bingung ( 7 - u )
henteu terang ka mana ngajugjug ( 10 - u )
turug turug harita teh enggeus burit ( 12 - i )
panon poe geus rek surup ( 8 - u )
keueung sieun aya meong ( 8 - o )


7. Gurisa
Watekna pangangguran, lulucon atawa tamba kesel.
Unggal Pada di wangun ku dalapan padalisan.
Contona:

Hayang teuing geura beurang ( 8 - a )
geus beurang rek ka Sumedang ( 8 - a )
nagih anu boga hutang ( 8 - a )
munmeunang rek meuli soang ( 8 - a )
tapi najan henteu meunang ( 8 - a )
teu rek buru buru mulang ( 8 - a )
rek tuluy guguru nembang ( 8 - a )
jeung diajar nabeuh gambang ( 8 - a )


8. Kinanti
Watekna miharep atawa prihatin.
Unggal Pada diwangun ku genep padalisan.
Contona:


Kembang ros ku matak lucu ( 8 - u )
nya alus rupa nya seungit ( 8 - i )
henteu aya papadana ( 8 - a )
ratuning kembang sajati ( 8 - i )
papaes di patamanan ( 8 - a )
seungit manis ngadalingding ( 8 - i )

9. Ladrang
Watekna banyol atawa pikaseurieun.
Unggal Pada diwnagun ku opat padalisan.
Contona:

Aki Dartam leumpangna ngagidig ( 10 - i )
gancang pisan, gancang pisan ( 8 - a )
bari aya nu dijingjing ( 8 - i )
mawa kisa eusina ucing anakan ( 12 - a )


10. Lambang
Watekna banyol atawa pikaseurieun.
Unggal Pada diwangun iu opat padalisan.
Contona:

Nawu kubang sisi tegal ( 8 - a )
nyair bogo meunang kadal ( 8 - a )
atuh teu payu dijual ( 8 - a )
rek didahar da teu halal ( 8 - a )

11. Magatru
Watekna lulucon deukeut deukeut kana prihatin.
Unggal Pada diwangun ku lima padalisan.
Contona:

Mun sumuhun ieu teh namina curuk ( 12 - u )
nu alit namina cingir ( 8 - i )
anu panjang mah jajangkung ( 8 - u )
gigireunana jariji ( 8 - i )
anu pangageungna jempol ( 8 - o )


12. Maskumambang
Watekna prihatin, sasambat atawa nalangsa.
Unggal Pada diwangun kiu opat padalisan.
Contona:

Jalma kedul mumul ditambah jejerih ( 12 - i )
ulah ngarep senang ( 6 - a )
sabab mungguhing rejeki ( 8 - i )
tara datang teu disiar ( 8 - a )

13. Mijil
Watekna sedih, susah atawa cilaka.
Unggal Pada diwangun ku genep padalisan
Contona:

Beurang peuting tambah cape ati ( 10 - i )
jeung tambah rampohpoy ( 6 - o )
wungkul inget ka kabogoh wae ( 10 - e )
mugi aya kadar panggih deui ( 10 - i )
mun teu panggih deui ( 6 - i )
anggur pondok umur ( 6 - u )

14. Pangkur
Watekna nafsu, lumampah atawa sadia rek perang.
Unggal Pada diwangun ku tujuh padalisan.
Contona:


Seja nyaba ngalalana ( 8 - a )
ngitung lembur ngajajah milang kori ( 12 - i )
henteu puguh nu dijugjug ( 8 - u )
balik paman sadaya ( 7 - a )
nu ti mana tiluan semu rarusuh ( 12 - u )
Lurah Begal ngawalonan ( 8 - a )
" Aing ngaran Jayapati " ( 8 - i )


15. Pucung
Watekna piwuruk, wawaran, atawa mepelingan.
Unggal Pada diwangun ku opat padalisan.
Contona:

Estu untung nu bisa mupunjung indung ( 12 - u )
jeung nyenangkeun bapa ( 6 - a )
tanda yen bagjana gede ( 8 - e )
hirup mulus kaseundeuhan ku berekah ( 12 - a )

16. Sinom
Watekna gumbira.
Unggal Pada diwangun ku salapan padalisan.
Contona:

Di wetan fajar balebat ( 8 - a )
panon poe arek bijil ( 8 - i )
sinarna ruhay burahay ( 8 - a )
kingkilaban beureum kuning ( 8 - i )
campur wungu saeutik ( 7 - i )
kaselapan semu biru ( 8 - u )
tanda Batara Surya ( 7 - a )
bade lumungsur ka bumi ( 8 - a )
murub mubyar langit sarwa hurung herang ( 12 - a )


17. Wirangrong
Watekna era atawa wirang.
Unggal Pada diwangun ku genep padalisan.
Contona:

Jalma nu resep ngaluis ( 8 - i )
lumrahna resep ngaleos ( 8 - o )
ngan pacuan resep ngusut ( 8 - u )
komo mun resep ngarujit ( 8 - i )
teu aya batan basajan ( 8 - a )
sagala sigar tengahan ( 8 - a )